Slide 1 Slide 2 Slide 3 Slide 4 Slide 5
Showing posts with label Bodor Sunda. Show all posts
| 0 komentar

Tips Naek Angkot





TIPS NAEK ANGKOT ANU AMAN KANGGE PARA MOJANG

1. Upami nyetop angkot, acirkeun curuk kapayun, omat ulah nonggengan angkot!!!

2. Waktos bade lebet, nyekel kana lawang panto sareng naek lalaunan tong ogoan hoyong dipangku ku supir dicalikeun kana jok, okeee???

3. Upami supir naros “mau kemana neng” ulah dijawab “mau ke hatimu” (bisi galau supirna).

4. Supados teu BT dijalan, buka facebook, tapi omat tong ngajak supirna foto bareng, komo make diupload kana FB.

5. Pami bade naek angkot, teu keudah dandan bebeakan komo deui mihareup papendak sareng supir angkot anu kasep mah! (da mung di sinetron ayana ge :p )

6. Pami supir ngalihkeun gigi, ulah sok romantisaan ngiring nyekel panangan supir sareng neuteup socana! (bahaya X_X )

7. Pami keleresan calik peungkeureun supir, ulah jol² meungpeunan panon supir bari ngomong “saha hayoo?” (sumpah, tong kikituan :'( )

8. Pami dugi kanu dituju, nyarios ‘Kiri Pir!” ulah nyariosna “kiri beib!” (awas =]min )

9. Pami angkot pinuh tong maksa hoyong calik dilahun ku supir! (pokona mah mon...tong >:/ )

10. Nu ahir, pami nampi angsulan, candak bae, teu kedah ngangge sun tangan sagala nya ! :D





Read more...
| 0 komentar

Ati2 Mun Naek Angkot Wengi2






Hati2 d'CIMAHI aya"Angkot Misteri"


Tepatna Malam jum'at kamari, tepatna diGANDAWIJAYA kira2 jam 9 wengi, aya saorang wanoja naek angkot jurusan cimahi, dijero angkot mung manehna wungkul, teu biasana poe harita meni sararepi, teras we siangkot teh maju da tos teu aya panumpang deui bari majuna lalaunan, Bakating kucape siwanoja teh nunutan, pas dijalan anu sepi siWanoja lilir kusabab angkot teh majuna laun pisan, Pas benta manehna langsung ningali ka supir, kacida rewasna pas ningali kapalebah supir kusabab siangkot teh maju tapi teu aya supiran,,, teu diengkekeun deui siwanojo langsung ngagorowok menta tulung bari jejeritan, siWanoja langsung muka kaca jendela rek menta tulung sugan we aya anu ngaliwat, pas kaca dibuka manehna beuki rewas, kusabab aya sirah nongol dijendela bari ngomong: 

"GANDENG SIAH jojorowokan wae!! Angguranmah bantuan Aing ngadorong angkot MOGOK"..





Read more...
| 0 komentar

Didi & Acep kakara boga HP






Didi :"Cep keur naon sia nyeunyeukeul pager imah ?"

Acep :"Ieu Di, aing keur ngeusi Pulsa !!"

Didi :"Na ari sia gelo ? naon hubungannana ngeusi pulsa jeung nyeukeulan pager

Imah ? telpon Operator na atuh meh puguh !"

Acep :"Tah eta masalahna.. Ti tadi Operator nitah ka aing "TEKAN PAGAR".. Ku aing
di teken sababaraha kali tetep we teu bisa , neupi ka bareuh jempol aing"

Didi :"Aing leuwih gelo Coy !!"

Acep :"kunaon euy?"

Didi :" Sia leuheung di titah mencet pager , Aing di titah "MENCET BINTANG" Naa
piraku aing kudu ka langit kitu ?"


Read more...
| 0 komentar

Iwak peyek on BBM (Tonk dibaca!!)



Iwak peyek
Iwak peyek
Iwak peyek nasi goreng....
Goreng leunca...
Goreng tutut...
Anu maca goreng patut...
BURU KIRIMKEUN DEUI KANU LAIN
NGARAH RAME.....!!!!
WkWkWk..WkWk Wk..WkWkWk


Read more...